Carita Kaulinan Barudak: Maen Jajampanaan

Loncéng istirahat geus ditakol. Barudak kelas opat rabul ka luar paheula-heula. Hamid, Udan, jeung Jana pangheulana bijil tuluy lumpat ka lapang. Pandeurieunana Udi, Sukma, jeung Bakir nuturkeun.

"Mid, urang maén bal yu!" ceuk Jana ka Hamid.

"Horéam ah, bisi kotor kana baju," walon Hamid.

"Urang jajampanaan wé yu!" ceuk Udi bari ngajéléng. "Soklah, resep geura jajampanaan mah," témbal Sukma.

"Sok milih balad atuh!" ceuk Udan. Kop kana nyéré kawung nu ngagolér dina taneuh, dicekel puhuna. "Mid, urang lotre eung kuring!" pokna deui.

Hamid ngeupeul nyéré luhureun leungeun Udan, terus mapay ka luhur nepi ka nyéré téh henteu bisa kacekel deui.

"Kuring kahiji!" ceuk Udan bari seuri. "Jana lotré jeung Jdi! Nu kahiji jadi balad kuring!" pokna deui. Lung nyéré téh di alungkeun ka Jana. Kep ditéwak ku Jana, terus lotré jeung Udi. "Abi kahiji!" ceuk Udi.

"Ayeuna Sukma lotré jeung Bakir!" ceuk Hamid ka Sukma.

"Kuring kahiji!" Bakir seuri.

Barudak ngariung sabalad-sabaladna. Udan, Udi, jeung akir pacekel-cekel, hareupeunana ngajajar Hamid, Sukma, jeung ana.

"Bakal sarua kuatna geura. Balad manéh jeung balad abi pantar!" ceuk Sukma.

"Moal, manéh bakal éléh. Sabab, Hamid mah teu bisaeun lumpat!" Bakir ngelélan.

"Wah, buktikeun wé lah!" Hamid nangtang.

"Sok geura nyieun garisna atuh!" ceuk Udan. Kop kana lokrak, tuluy nyieun garis.

"Kuring nyieun garis keur wates di ditu nya!" Sukma lumpat ka béh tengah.

Sanggeus bérés nyieun garis keur wates jauhna pangbalapan, barudak karumpul deui sabalad-sabaladna.

"Kir, Dan, manéh nu jadi jampanana! Engké, gantiannya!" ceuk Udi ka Bakir jeung Udan.

Bakir jeung Udan pahareup-hareup. Leungeun kénca Bakir nyekel kana leungeun katuhu Udan deukeut sikuna. Ari leungeun katuhuna nyekel kana luhureun siku leungeun kencana. Udan ogé kitu, nurutan Bakir. Leungeun kénca Udan nyekel kana leungeun katuhu Bakir deukeut siku. Ari anu katuhuna nyekel kana luhureun siku leungeun kencana. "Wah, jampana weweg nu kuring mah!" Udi atoheun. Clé, manéhna tumpak kana jajampanaan téa. Leungeunna nu kénca muntang kana beuheung Udan. Ari nu katuhu muntang kana trebeuheung Bakir.

"Hampang... hampang, sakieu mah!" ceuk Udan. Jung rusnangtung babarengan jeung Bakir.

"Siap...!" Udi ngagorowok ka balad Hamid.

"Encan, Jana teu bisaeun jadi jampanana, Di!" Hamid ték némbalan rada ngagorowok.

"Huh... ceuk kuring ogé!" Udi nyeungseurikeun.

"Kieu yeuh!" ceuk Sukma. Kep nyekel leungeun Jana anu beulah katuhu. Jana nurutan. 

"Tah, leungeun éta muntang kana siku leungeun kénca maneh!" Hamid rada nyereng.

"Enggeus. Mid?" Udi nyorowok nangtang.

"Ké heula!" ceuk Hamid. Gék diuk dina leungeun Jana abung Sukma anu hgawangun jampana téa. "Nangtung, Suk!" pokna.

"Siap, Dan? Piraku lila-lila teuing!" Udi mapanas. 

"Sok ku kuring diitungan! Hiji... dua... tilu!" ceuk Hamid. Beretek jajampanaan nu ditumpakan ku Udi jeung Hamid téh lalumpat muru garis di tengah lapang.

"Dan.... Kir..., gancang!" Udi ngahatéan baladna. Jampana Hamid rada tinggaleun. Kadéngé manéhna ogé ngahatéan baladna.

"Sukma..., Jana ..., lumpatna sing tarik! Maenya éléh ku si Bakir!" ceuk Hamid mapanas. Dipapanas ku Hamid téh, Jana jadi keuheuleun. Gurudug baé lumpatna disakalikeun.

"Gélo, Si Jana pileg!" Sukma ngambek, sukuna titatarajong Atuh geblug baé labuh mani nangkuban pisan.

"Aduh... aduh!" Hamid aduh-aduhan.

Balad Udi atoheun. Ger baé susurakan. Lumpatna beuki tarik, nepi ka bisa pulang pegih.

"Hutang hiji géndol! Manéh éléh!" ceuk Udi ka balad Hamid. 

"Wah, pira ogé hutang hiji! Engké ogé moal burungkabayar!" Hamid ambekeun.

Ayeuna, jampana Hamid jeung jampana Udi geus siap-siap deui rék balap. Nu tumpakna ganti jadi Udan jeung Sukma.

"Hiji ... dua ... tilu!" ceuk Udan.

Beretek jampana téh lumpat ngadon balap deui. Jampana Udi jeung Sukma sarua tarikna ayeuna mah.

"Hayoh ..., saeutik deui!" Udan méré sumanget.

"Liwatan... liwatan, Di!" Sukma cocorowokan.

Nu jadi jampanana tingharégak capéeun. Késang ngagarajas maseuhan awakna. Barang jampana Udan rék nepi pisan, suk Bakir titajong. Gebru, Udan nambru patumpuk jeung Bakir.

"Woyah..., manéh éléh!" Sukma surak. Hutangna lunas!" témbal Udi. "

Balap anu katilu kalina geus rék dimimitian deui. Baki jeung Jana jadi nu tumpakna.

"Siap, hiji ... dua ... tilu!" Jana ngomando.

"Hayoh ..., Di, Dan!" Bakir ngahatéan baladna. "Liwat terus ...!" Jana nyorowok ti gigireun Bakir. Ngadéngé anu nyorowok ampir miheulaan, Bakir ngarérét ma gigir. Lantaran balangah, atuh juralit baé awakna tijumpalik nubruk kana jampana Jana. Gebru, jampana Jana tigubrag Datumpang-tindih.

"Manéh licik, Bakir!" Jana hudang bari nunjuk ka Bakir. "Naon, kuring mah teu licik!" Bakir nyereng.

"Enggeus, enggeuslah! Da teu boga hutang ieuh!" Udi nyampeurkeun bari ngeprukan bajuna nu pinuh ku kebul. Barudak balubar, lalumpatan muru tampian rék beberesih.

 

Sumber: Buku Kaulinan Barudak Lembur.

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel