Carita Kaulinan Barudak: Paciwit-ciwit Lutung

Dina bulan puasa barudak teh sok arulin, ngadon ngabuburit. Biasana sanggeus baralik ti Madrasah. Harita oge kitu, Asep, Epul, Idik, jeung Jajang dariuk handapeun tangkal buah. Késang renung dina tarangna, beungeutna jaléér beureum.

 Asep muka kancing bajuna, tuluy ngabaheuhay nyarandé kana tangkal. Ari Epul ngagolér dina jukut, beuteungna mani pelendung—kempés. Idik mah keur ngiplikan awakna ku daun cau. Ari Jajang diuk nanghunjar, leungeunna nyekel bincurangna anu bolécék urut tidagor kana batu.

"Geus tuus késangna ogé kuring mah," ceuk Asep bari cengkat. Gék diuk dina jukut gigireun Epul.

"Enya, geus tiis awak abi ogé." Epul ngoréjat hudang, tuluy pepelengkingan.

"Lain rék paciwit-ciwit lutung téa?" ceuk Idik.

"Hayulah! Rék miluan moal, Jang?" ceuk Epul ka Jajang.

"Arék, da moal nyeri paciwit-ciwit lutung mah." Jajang nyampeurkeun bari ingkud-ingkudan.

Barudak ngariung bari sila. Epul nyiwit tonggong leungeun kéncana ku leungeun katuhuna. Terus, Asep nyiwit leungeun katuhu Epul, néma ka Jajang jeung Idik.

"Tong tarik teuing nyiwitna atuh, Dik!" Jajang nyengir nyerieun.

"Maenya sakieu mah, meueusan," ceuk Idik bari ngendoran ciwitanana.

"Sok, siap...!" ceuk Epul ngomando.

Paciwit-ciwit lutung,

Si Lutung pindah ka tungtung.

Paciwit-ciwit lutung,

Si Lutung pindah ka tungtung.

Barudak raeng ngarawih. Lebah kecap tungtung, leungeun Asep nu panghandapna pindah ka luhur nyiwit tonggong leungeun Idik.

"Waduh tarik teuing!" Idik ngocéak.

Barudak sareuri mani akey-akeyan.

Haleuang deui barudak téh ngahaleuang. Ayeuna leungeun Asep nu katuhu pindah ka luhur. Terus, dituturkeun ku leungeun Epul, néma ka Jajang jeung Idik. Ku lantaran beuki luhur, atuh asalna sila téh jadi narangtung. Cakakak-cakakak saleuseurian bungah pisan.

"Diuk deui!" Asep ngomando.

Barudak dariuk deui siga tadi.

"Ayeuna, saurang-saurang anu ngawihna! Epul heula nya!" ceuk Jajang.

Haleuang Epul ngawih paciwit-ciwit lutung. Leungeun Epul nu panghandapna gancang pindah ka pangluhurna. Geus kitu, Jajang nu ngahaleuang, néma ka Asep, tuluy ka Idik.

"Geuslah, urang enggeusan!" ceuk Jajang bari muringis.

"Ku naon maké enggeusan?" Asep melong ka Jajang.

"Enggeus wé. Geus capé abi mah, bisi hayang nginum ke batal puasana." ceuk Jajang deui.

Barudak kabéh enggeusan baralik sabari neang keur takjil.

Diwangun tinu buku Kaulinan Barudak Lembur

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828