Carita Rakyat Sumedang: Sasakala Cieunteung (Versi Sunda)

Jaman baheula di wewengkon kabupatén Sumedang nu perenahna di daérah Darmaraja kiwari, aya hiji tempat can boga ngaran éta tempat téh. Ngan di éta tempat aya hiji wanoja anu geulisna kawanti-wanti éndahna kabina-bina, ceuk babasan téa mah nya irung kuwung-kuwungan nya tarang téja mentrangan, ku lemes-lemesna pakulitan éta wanoja téh, ceuk nu bohong mah matak tigulutuk kutu matak tisolédat lisa.

Wanoja geulis téh éstuning jalma tukang tutulung teu kasaha-teu kasaha, sakirana perlu mah ku pitulung manéhna teu weléh ditulungan, sakur jalma nu ménta tulung ka manéhna mah. Nyimas Sarieunteung ngaranna téh, manéhna boga kabogoh hiji lalaki anu nganjrékna teu pati jauh ti lembur éta wanoja, ayeuna mah ngaran lembur kabogohna téh katelahna Cipaok. Kabogohna ogé sarua watekna jeung Nyimas, sarua tukang tutulung ka batur, atuh kabéh warga éta lembur pada muji ka Nyimas, keur mah manéhna bageur kabogohna ogé bageur deuih. Dasar jalma henteu kabéh resep, aya nu hayang ngamangpaatkeun kageulisan Nyimas téh, kawas hiji jajaka batur salemburna, manéhna téh bogoh ka Nyimas ngan ku Nyimas ditampik, da puguh Nyimas geus boga kikindeuwan, ongkoh kurang panuju deuih kana laku lampah éta jajaka téh. Eta jajaka nu bogoh ka Nyimas nogéncang néangan kasempetan keur ngakalakeun Nyimas, panasaran mun teu laksana ka Nyimas téh.

Kabeneran dina hiji poé, Nyimas keur nyeuseuh di tampian nu maranti, malah éta tampian sok dipaké tempat silih tamplokeun kaasih jeung beubeureuhna, ngan geus kitu waé titis tinulisna, poé éta mah di tampian téh bet euweuh jalma saurang-urang acan, atuh samemena keur si jajaka nu geus lila néangan kasempetan rék nyilakakeun Nyimas mah, asa mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas.

“Kaleresan nu geulis nuju nyeuseuhan kumaha mun ku akang di réncangan, kersa heunteu?” ceuk si Jajaka nanya.

Nyimas ngawalon “Wios teu kedah ngarépotkeun, tos biasa sorangan abdi mah.”

Si Jajaka ngomong deui bari aya sura-seuri maksa “Nya wios atuh ari teu kersa diréncangan mah, ngan kuring rék nanya sakali deui naha daék teu Anjeun mun kawin jeung kuring?”

Nyimas ngawalon deui, “Ceuk kuring gé, kuring mah ngarah lamun kudu dikawin ku Anjeun, ongkoh kuring na ogé apan geus boga kabogoh!”

Si jajaka nyarita deui “Na … bet teu beunang ku disabaran awéwé téh, yeuh keur kuring mah cadu lamun aya awéwé nu dipikahayang ku kuring maké kudu nolak. Ayeuna mah daék teu daék manéh rék dipaksa ku kuring sangkan ngagugu kana kahayang kuring,” kitu ceuk si Jajaka bari kerewek nyepeng leungeun Nyimas bari terus ditangkeup satengah digusur dibawa ka tempat anu suni, satuluyna Nyimas digadabah kahormatannana, sakitu Nyimas gogorowokan ménta tulung ogé, teu ditolih, tibatan dilésotkeun mah, kalahka beuki ngagedur napsuna, teu cukup ku digadabah kahormatannana, satuluyna Nyimas téh ditelasan pati nepi boborkarahayuan. Layonna nu baloboran getih téh diantepkeun waé teu dipaliré, manéhna mah léos indit teuing ka mana.

Isukna, layon Nyimas nu baloboran getih téh kapanggih ku patani nu rék indit ka sawah. Atuh poé éta mah guyur, yén Nyimas Sarieunteung maot aya nu maéhan, aya béja nepi ka lembur Cipaok, tempat kabogohna, barang kabogoh Nyimas ngadéngé yén Nyimas perlaya, manéhna teu kuat nandangan lara, pada harita ngalumburuk lir kapuk kaibunan lir kapas kahujanan, terus kapiuhan teu inget di bumi alam, malahan saeunggeusna sadar tina kapiyuhan téh, teu beunang dibebereh ku batur, ahirna manéhna téga maéhan manéh, kusabab teu narima kana kanyataan hirup nu geus ditinggalkeun maot ku beubeureuh nu dipicintana, kalawan cara nu teu wajar.

Ku kajadian maotna Nyimas Sarieunteung katut bébénéna, urang lembur ngarasa kaleungitan ku dua jalma tukang tutulung, nu ahirna keur pangémut-émut kana jasa Nyimas Sarieunteung, éta lembur dibéré ngaran lembur CIEUNTEUNG, nelah tepi ka kiwari, malah ayeuna mah éta ngaran téh jadi ngaran salah sahiji Désa nu aya di Kecamatan Darmaraja Sumedang.

 

Carita dina Mangle.#MakinTahuIndonesia

 

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel