Sanajan natangga, masing-masing boga kabiasaan sorangan, boga kabeuki anu beda. Sasatoan nu beuki jujukutan mun baranghakan tinggal ka pangangonan atawa ka leuweung ngagares jukut anu ngemploh hejo. Sato mah teu mikir pamali teu mikir boga batur, mun manggih kabeuki langsung diremus. Nya kitu harita oge, jelema boga kahayang sorangan jeung geus bisa mikir. Sanajan cicing di guha, ari dahareun mah hayang nu ngeunah, hayang bisa nyawah keur melak pare. Jelema hayang boga imah sangkan ulah kapanasan jeung katirisan. Lantaran ku beda kabiasaan jeung kabeuki tea, jelema mindeng ngambek ka sakadang munding jeung sakadang kuda. Ngambek teh lantaran kuda jeung munding mindeng pisan ngaranjah sawah jeung pepelakan jelema. Hiji waktu mah kuda jeung munding teh diontrog ku jelema. “Hey sakadang kuda, sakadang munding, abong mangkeluk teu boda pikiran, ulah ngaruksak pepelakan batur atuh. Lamun hayang baranghakan indit ka leuweung neangan jukut ku sorangan!”
Sakadang kuda jeung munding meh bareng nembal bari reuwas da jelema datangna mawa pecut keur ngarangket. “Hampura atuh sakadang jelema, da kami mah teu nyaho pepelakan maraneh”. Ngaromong rada ngosom bakat ku reuwas jeung sieun. “Tuh tempo sawah kami ruksak jeung pasti moal kaala parena, gantian ku maraneh!” Kuda jeung munding tingharuleng bari silih reret. Duanana rumasa kana kasalahan tapi nya kudu kumaha ngagantianana. Keur tingharuleng kitu jelema datang deui bari ngacungkeun pecut jiga rek ngarangket. “Kumaha kuda, munding, sanggup ngagantian teh?” Nempo jelema jiga tambah ambekna, kuda jeung munding baradami yen rek nyanggupan ngagantian ku tanaga keur mantuan pagawean jelema. “Kumaha mun ku kami digantian bae ku tanaga. Iraha bae aranjeun butuh ku tanaga kami, kami siap mantuan asal dicumponan pamenta kami!” Ngadenge kasanggupan kuda jeung munding kitu, jelema pohara atoheunana bakal aya nu mantuan digawe. “Naon atuh pamenta maraneh teh, pok omongkeun, sugan bae kami bisa nyumponan!” Pok munding miheulaan sakadang kuda, “Heug kami mantuan gawe aranjeun asal kami dikawihan mun keur digawekeun, jeung sakadang kuda ge sanggup mantuan jelema asal didangdanan!” Ngadenge kahayang kuda jeung munding kitu, jelema malikir kamaha nyieun lagu keur munding jeung kamaha nyieun dangdanan keur kuda. Tapi teu lila geus kapikir. Lagu keur munding bakal diajak digawe di sawah jelema nyiptakeun tembang pupuh kinanti. Mideur, kia, arang, luput Mideur teh hartina malik Ari arang mah kaliwat Lamun kia sisi teuing Luput teh nya mengkol tea Eta kawih keur ilaing. Barang eta lagu dicoba dikawihkeun, munding unggut-unggutan tanda panuju. Ari sakadang kuda ngan kulantang-kulinting bae neangan dangdanan nu disanggupan ku jelema. Nempo kuda jiga nu panasaran, gancang bae baju kulit keur sakadang kuda teh ditembongkeun bari sakalian sina dipecakan. Barang rap dicoba enya bae kuda teh jadi leuwih kasep. Dina sirah aya hiasan jajambulan tina majun jeung gengge nu kekerencengan, make kacamata nu ngahiji jeung borongsong. Kadalina tina beusi nyambung kana eles. Dina dada ngadaplok toka-toka tina kulit nu ditaretes ku hiasan perak nu harerang. Dina beuteung aya beubeur gede nu ngahiji jeung sela paranti diuk jelema. Ka handapna disapatu ku beusi sangkan leumpang teu tiseureuleu. Pokona ginding weh dangdanan kuda teh. Sarua kuda ge ari tos nempo pamentana dicumponan mah unggut-unggutan bari hihiem tanda panuju kana kahayang jeung satuju kana jangji mantuan jelema. Tah ti harita mah kuda jeung munding teh beuki mindeng tembong babarengan jeung jelema. Munding mindeng tembong digawekeun di sawah keur narik wuluku atawa garu, dikawihan ku jelema. Atuh sabada aya gawe bareng antara jelema jeung munding mah, pagawean ngagarap sawah teh jadi leuwih enteng. Ari sakadang kuda beunang ngadangdanan tek sok sina narik keretek, ditumpakan ku jelema lamun jelema rek nyanyabaan ka nu jauh. Tah kitu ari hirup rukun sauyunan mah, mun aya pasualan teh dipigawe babarengan. Hasil mucekil, gawean teu sabahara cape. Tah sakitu lanan dongeng picontoeun ti Aki minggu ieu mah. Sumber: Mangle No. 2299 (dicutat ku Aki Guru)
Horace
Mar 12, 2024 19:09Hi, I dо think this is an exсellent blog. I stumbleduρon it ;) I will ϲome back yet again since i have book-marked it. Money and freedom is the greatеst way to change, may you be гich and continue to help others.
Cecila
Mar 22, 2024 09:18We ѕtumbled over һere coming from a differеnt page and thⲟught I might check things out. I like what I see ѕօ now i'm following you. Look forwarԁ to exploring your web page yet again.
Eloisa
Mar 24, 2024 05:13Ⅿy brother suggested I might like this website. He was entirely right. This post truly made my day. Yoս cann't imagine ѕimply how mucһ tіme I had spent for tһis info! Thankѕ!
Gus
Mar 27, 2024 23:26I'm impressed, I muѕt say. Seldom do I come across a blοg that's equally educative and engaging, and let me tell you, you've hit the naіl on the head. The problem is something too few folks are speaking intelligently about. I am νery happy that I st