Dongeng Sasakala Cieunteung Darmaraja

Si Jajaka ngomong deui bari aya sura-seuri maksa “Nya wios atuh ari teu kersa diréncangan mah, ngan kuring rék nanya sakali deui naha daék teu Anjeun mun kawin jeung kuring?”

Nyimas ngawalon deui, “Ceuk kuring gé, kuring mah ngarah lamun kudu dikawin ku Anjeun, ongkoh kuring na ogé apan geus boga kabogoh!”

Si jajaka nyarita deui “Na … bet teu beunang ku disabaran awéwé téh, yeuh keur kuring mah cadu lamun aya awéwé nu dipikahayang ku kuring maké kudu nolak. Ayeuna mah daék teu daék manéh rék dipaksa ku kuring sangkan ngagugu kana kahayang kuring,” kitu ceuk si Jajaka bari kerewek nyepeng leungeun Nyimas bari terus ditangkeup satengah digusur dibawa ka tempat anu suni, satuluyna Nyimas digadabah kahormatannana, sakitu Nyimas gogorowokan ménta tulung ogé, teu ditolih, tibatan dilésotkeun mah, kalahka beuki ngagedur napsuna, teu cukup ku digadabah kahormatannana, satuluyna Nyimas téh ditelasan pati nepi boborkarahayuan. Layonna nu baloboran getih téh diantepkeun waé teu dipaliré, manéhna mah léos indit teuing ka mana.

Isukna, layon Nyimas nu baloboran getih téh kapanggih ku patani nu rék indit ka sawah. Atuh poé éta mah guyur, yén Nyimas Sarieunteung maot aya nu maéhan, aya béja nepi ka lembur Cipaok, tempat kabogohna, barang kabogoh Nyimas ngadéngé yén Nyimas perlaya, manéhna teu kuat nandangan lara, pada harita ngalumburuk lir kapuk kaibunan lir kapas kahujanan, terus kapiuhan teu inget di bumi alam, malahan saeunggeusna sadar tina kapiyuhan téh, teu beunang dibebereh ku batur, ahirna manéhna téga maéhan manéh, kusabab teu narima kana kanyataan hirup nu geus ditinggalkeun maot ku beubeureuh nu dipicintana, kalawan cara nu teu wajar.

Ku kajadian maotna Nyimas Sarieunteung katut bébénéna, urang lembur ngarasa kaleungitan ku dua jalma tukang tutulung, nu ahirna keur pangémut-émut kana jasa Nyimas Sarieunteung, éta lembur dibéré ngaran lembur CIEUNTEUNG, nelah tepi ka kiwari, malah ayeuna mah éta ngaran téh jadi ngaran salah sahiji Désa nu aya di Kecamatan Darmaraja Sumedang.

Sumber: Mangle

Halaman Sebelumnya

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828