Kakaren Teh Sanes Kangge Keur Lebaran Hungkul

Araya keneh kakaren lebaran wargi Sumedang, sabangsaning kukuehan jeung sajabana? Da ari opor sareng kupat mah tos seepnya? Atanapi kaleng khong guan tos jadi isina ranginang?

Lebaran dua taun ayeuna memang beda jeung taun katukang kulantaran, nagara urang harita keur kena ku wabah covid 19 sagala rupa kagiatan jeung papada jalma estu  diwatesanan pisan. Jadi rasa cape rasa kesel salila dijalan hayang tepung jeung kulawarga teh rada kaupahan kitu deui dina mulangna geus teu nolih kana kacape kulantaran geus kaubaran ku ngumpul ngariungna jeung kulawarga sahanteuna ari nu di gawe jauh mah tepung jeung dulur teh ukur sataun sakali.

Kitu deui anu aya dilembur anu teu ngarasakeun capena mamacetan di jalan anger wae sarua capena kulantaran dua minggu kalebaran oge nu dilembur sok pak pik pek nyieunan kadaharan komo lamun kadaharan anu kudu dipoe heula mah nyieuna ge sok tianggalna keneh kayaning opak, ranginang, dodol, kolontong, peuyeum ulen.

Lamun seug ditataan mah leuwih ti sapuluh rupa kadaharan tradisional ciri khas lebaran di padesaan mah komo lamun kulawargana boga keneh nini anu biasana sok pangrajina sagala dijieuna, tah eta anu matak jadi kalanggenan dina poenan lebaran teh sono ku kadaharan  buatan nini atawa nu jadi indung.

Lebaran mangsa kiwari mah nu jadi   kadaharan poko kalayan wajib aya dina penan lebaran teh nyaeta kupat jeung opor ditambah sok aya tumis kentang, bihun atawa orek tempe malah kabaheulanakeun mah sok narumpeng sagala dipurakna balik solat sunat idulfitri, jadi lamun seug anjang sono ka tatangga tara teuing loba nu di dahar kawas kokoro manggih mulud  cukup weh sasalaman bari nu disuguhkeun cukup diasaan tamba nolak kahadean tatangga sabab di imah oge geus pada boga bari loba nu ampir sarua kadaharana.

Geus ampir nincak saminggu ti tas poenan lebaran, kadaharan sesa teh disebut weh kakaren boh sesa didahar ku kulawarga atawa sesa mahanan dulur, anak anu ngahaja nganjang ka imah jigana tidinya carita kakakren teh nurutkeun Ceuk Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata mah kecap “kakarén” robahna tina kecap Kakarian hartina kari sesa, istilah kakaren lain ukur dina waktu lebara wungkul tapi biasa mun aya nu tas hajatan sok ditanyakeun kakarena.

Halaman Selanjutnya

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828