Lamun seug ditataan mah leuwih ti sapuluh rupa kadaharan tradisional ciri khas lebaran di padesaan mah komo lamun kulawargana boga keneh nini anu biasana sok pangrajina sagala dijieuna, tah eta anu matak jadi kalanggenan dina poenan lebaran teh sono ku kadaharan buatan nini atawa nu jadi indung. Lebaran mangsa kiwari mah nu jadi kadaharan poko kalayan wajib aya dina penan lebaran teh nyaeta kupat jeung opor ditambah sok aya tumis kentang, bihun atawa orek tempe malah kabaheulanakeun mah sok narumpeng sagala dipurakna balik solat sunat idulfitri, jadi lamun seug anjang sono ka tatangga tara teuing loba nu di dahar kawas kokoro manggih mulud cukup weh sasalaman bari nu disuguhkeun cukup diasaan tamba nolak kahadean tatangga sabab di imah oge geus pada boga bari loba nu ampir sarua kadaharana. Geus ampir nincak saminggu ti tas poenan lebaran, kadaharan sesa teh disebut weh kakaren boh sesa didahar ku kulawarga atawa sesa mahanan dulur, anak anu ngahaja nganjang ka imah jigana tidinya carita kakakren teh nurutkeun Ceuk Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata mah kecap “kakarén” robahna tina kecap Kakarian hartina kari sesa, istilah kakaren lain ukur dina waktu lebara wungkul tapi biasa mun aya nu tas hajatan sok ditanyakeun kakarena.
Ditulis ku Rohman Gumilar (Pegiat Literasi)
Belum ada komentar.