Dongeng Munding Dikawihan jeung Kuda Didangdanan

Wargi Sumedang, ieu aya carita sakadang munding jeung sakadang kuda. Ieu carita ngeunaan naha munding di sawah sok dikawihan? Kitu deui naha kuda didangdanan? Nah, mangga ieu caritana sakadang munding jeung sakadang kuda.

Baheula beh ditueun baheula, lembur urang teh leuweungna weuteuh, caina oge curcor harerang ngagolontor ka walungan palid ka hilirkeun. Pangeusi ieu lembur lolobana mah sasatoan, boh nu hirup di darat boh nu hirup di cai.

Ari nu disebut jelema can loba harita mah. Caricing na di guha-guha batu, sakapeung bareng we jeung sasatoan kayaning jeung maung, munding, kuda, atawa nu sejenna. Malah ari ku mindeng panggih jeung jiga nu sanasib mah antara jelema jeung sasatoan teh jiga anu silih hartikeun. Masing-masing nganggap baraya atawa tatangga anu babarengan hirup ngeusian hiji tempat.

Sanajan natangga, masing-masing boga kabiasaan sorangan, boga kabeuki anu beda. Sasatoan nu beuki jujukutan mun baranghakan tinggal ka pangangonan atawa ka leuweung ngagares jukut anu ngemploh hejo. Sato mah teu mikir pamali teu mikir boga batur, mun manggih kabeuki langsung diremus.

Nya kitu harita oge, jelema boga kahayang sorangan jeung geus bisa mikir. Sanajan cicing di guha, ari dahareun mah hayang nu ngeunah, hayang bisa nyawah keur melak pare. Jelema hayang boga imah sangkan ulah kapanasan jeung katirisan.

Lantaran ku beda kabiasaan jeung kabeuki tea, jelema mindeng ngambek ka sakadang munding jeung sakadang kuda. Ngambek teh lantaran kuda jeung munding mindeng pisan ngaranjah sawah jeung pepelakan jelema. Hiji waktu mah kuda jeung munding teh diontrog ku jelema.

Halaman Selanjutnya

Komentar

wave
  • John Doe

    Horace

    Mar 12, 2024 19:09

    Hi, I dо think this is an exсellent blog. I stumbleduρon it ;) I will ϲome back yet again since i have book-marked it. Money and freedom is the greatеst way to change, may you be гich and continue to help others.

  • John Doe

    Cecila

    Mar 22, 2024 09:18

    We ѕtumbled over һere coming from a differеnt page and thⲟught I might check things out. I like what I see ѕօ now i'm following you. Look forwarԁ to exploring your web page yet again.

  • John Doe

    Eloisa

    Mar 24, 2024 05:13

    Ⅿy brother suggested I might like this website. He was entirely right. This post truly made my day. Yoս cann't imagine ѕimply how mucһ tіme I had spent for tһis info! Thankѕ!

  • John Doe

    Gus

    Mar 27, 2024 23:26

    I'm impressed, I muѕt say. Seldom do I come across a blοg that's equally educative and engaging, and let me tell you, you've hit the naіl on the head. The problem is something too few folks are speaking intelligently about. I am νery happy that I st

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828