Dongeng Munding Dikawihan jeung Kuda Didangdanan

Eta kawih keur ilaing.

Barang eta lagu dicoba dikawihkeun, munding unggut-unggutan tanda panuju.

Ari sakadang kuda ngan kulantang-kulinting bae neangan dangdanan nu disanggupan ku jelema. Nempo kuda jiga nu panasaran, gancang bae baju kulit keur sakadang kuda teh ditembongkeun bari sakalian sina dipecakan. Barang rap dicoba enya bae kuda teh jadi leuwih kasep.

Dina sirah aya hiasan jajambulan tina majun jeung gengge nu kekerencengan, make kacamata nu ngahiji jeung borongsong. Kadalina tina beusi nyambung kana eles. Dina dada ngadaplok toka-toka tina kulit nu ditaretes ku hiasan perak nu harerang. Dina beuteung aya beubeur gede nu ngahiji jeung sela paranti diuk jelema. Ka handapna disapatu ku beusi sangkan leumpang teu tiseureuleu. Pokona ginding weh dangdanan kuda teh. Sarua kuda ge ari tos nempo pamentana dicumponan mah unggut-unggutan bari hihiem tanda panuju kana kahayang jeung satuju kana jangji mantuan jelema.

Tah ti harita mah kuda jeung munding teh beuki mindeng tembong babarengan jeung jelema. Munding mindeng tembong digawekeun di sawah keur narik wuluku atawa garu, dikawihan ku jelema. Atuh sabada aya gawe bareng antara jelema jeung munding mah, pagawean ngagarap sawah teh jadi leuwih enteng. Ari sakadang kuda beunang ngadangdanan tek sok sina narik keretek, ditumpakan ku jelema lamun jelema rek nyanyabaan ka nu jauh.

Tah kitu ari hirup rukun sauyunan mah, mun aya pasualan teh dipigawe babarengan. Hasil mucekil, gawean teu sabahara cape. Tah sakitu lanan dongeng picontoeun ti Aki minggu ieu mah. 

Sumber: Mangle No. 2299 (dicutat ku Aki Guru)

Halaman Sebelumnya

Komentar

wave
  • John Doe

    Horace

    Mar 12, 2024 19:09

    Hi, I dо think this is an exсellent blog. I stumbleduρon it ;) I will ϲome back yet again since i have book-marked it. Money and freedom is the greatеst way to change, may you be гich and continue to help others.

  • John Doe

    Cecila

    Mar 22, 2024 09:18

    We ѕtumbled over һere coming from a differеnt page and thⲟught I might check things out. I like what I see ѕօ now i'm following you. Look forwarԁ to exploring your web page yet again.

  • John Doe

    Eloisa

    Mar 24, 2024 05:13

    Ⅿy brother suggested I might like this website. He was entirely right. This post truly made my day. Yoս cann't imagine ѕimply how mucһ tіme I had spent for tһis info! Thankѕ!

  • John Doe

    Gus

    Mar 27, 2024 23:26

    I'm impressed, I muѕt say. Seldom do I come across a blοg that's equally educative and engaging, and let me tell you, you've hit the naіl on the head. The problem is something too few folks are speaking intelligently about. I am νery happy that I st

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828