Dongeng Sasakala Cieunteung Darmaraja

Jaman baheula di wewengkon kabupatén Sumedang nu perenahna di daérah Darmaraja kiwari, aya hiji tempat can boga ngaran éta tempat téh. Ngan di éta tempat aya hiji wanoja anu geulisna kawanti-wanti éndahna kabina-bina, ceuk babasan téa mah nya irung kuwung-kuwungan nya tarang téja mentrangan, ku lemes-lemesna pakulitan éta wanoja téh, ceuk nu bohong mah matak tigulutuk kutu matak tisolédat lisa.

Wanoja geulis téh éstuning jalma tukang tutulung teu kasaha-teu kasaha, sakirana perlu mah ku pitulung manéhna teu weléh ditulungan, sakur jalma nu ménta tulung ka manéhna mah. Nyimas Sarieunteung ngaranna téh, manéhna boga kabogoh hiji lalaki anu nganjrékna teu pati jauh ti lembur éta wanoja, ayeuna mah ngaran lembur kabogohna téh katelahna Cipaok.

Kabogohna ogé sarua watekna jeung Nyimas, sarua tukang tutulung ka batur, atuh kabéh warga éta lembur pada muji ka Nyimas, keur mah manéhna bageur kabogohna ogé bageur deuih. Dasar jalma henteu kabéh resep, aya nu hayang ngamangpaatkeun kageulisan Nyimas téh, kawas hiji jajaka batur salemburna, manéhna téh bogoh ka Nyimas ngan ku Nyimas ditampik, da puguh Nyimas geus boga kikindeuwan, ongkoh kurang panuju deuih kana laku lampah éta jajaka téh. Eta jajaka nu bogoh ka Nyimas nogéncang néangan kasempetan keur ngakalakeun Nyimas, panasaran mun teu laksana ka Nyimas téh.

Kabeneran dina hiji poé, Nyimas keur nyeuseuh di tampian nu maranti, malah éta tampian sok dipaké tempat silih tamplokeun kaasih jeung beubeureuhna, ngan geus kitu waé titis tinulisna, poé éta mah di tampian téh bet euweuh jalma saurang-urang acan, atuh samemena keur si jajaka nu geus lila néangan kasempetan rék nyilakakeun Nyimas mah, asa mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas.

“Kaleresan nu geulis nuju nyeuseuhan kumaha mun ku akang di réncangan, kersa heunteu?” ceuk si Jajaka nanya.

Nyimas ngawalon “Wios teu kedah ngarépotkeun, tos biasa sorangan abdi mah.”

Halaman Selanjutnya

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828