Carita Kaulinan Barudak: Maen Jajampanaan

"Sok geura nyieun garisna atuh!" ceuk Udan. Kop kana lokrak, tuluy nyieun garis.

"Kuring nyieun garis keur wates di ditu nya!" Sukma lumpat ka béh tengah.

Sanggeus bérés nyieun garis keur wates jauhna pangbalapan, barudak karumpul deui sabalad-sabaladna.

"Kir, Dan, manéh nu jadi jampanana! Engké, gantiannya!" ceuk Udi ka Bakir jeung Udan.

Bakir jeung Udan pahareup-hareup. Leungeun kénca Bakir nyekel kana leungeun katuhu Udan deukeut sikuna. Ari leungeun katuhuna nyekel kana luhureun siku leungeun kencana. Udan ogé kitu, nurutan Bakir. Leungeun kénca Udan nyekel kana leungeun katuhu Bakir deukeut siku. Ari anu katuhuna nyekel kana luhureun siku leungeun kencana. "Wah, jampana weweg nu kuring mah!" Udi atoheun. Clé, manéhna tumpak kana jajampanaan téa. Leungeunna nu kénca muntang kana beuheung Udan. Ari nu katuhu muntang kana trebeuheung Bakir.

"Hampang... hampang, sakieu mah!" ceuk Udan. Jung rusnangtung babarengan jeung Bakir.

"Siap...!" Udi ngagorowok ka balad Hamid.

Halaman Selanjutnya

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel