Carita Kaulinan Barudak: Maen Jajampanaan

"Sok ku kuring diitungan! Hiji... dua... tilu!" ceuk Hamid. Beretek jajampanaan nu ditumpakan ku Udi jeung Hamid téh lalumpat muru garis di tengah lapang.

"Dan.... Kir..., gancang!" Udi ngahatéan baladna. Jampana Hamid rada tinggaleun. Kadéngé manéhna ogé ngahatéan baladna.

"Sukma..., Jana ..., lumpatna sing tarik! Maenya éléh ku si Bakir!" ceuk Hamid mapanas. Dipapanas ku Hamid téh, Jana jadi keuheuleun. Gurudug baé lumpatna disakalikeun.

"Gélo, Si Jana pileg!" Sukma ngambek, sukuna titatarajong Atuh geblug baé labuh mani nangkuban pisan.

"Aduh... aduh!" Hamid aduh-aduhan.

Balad Udi atoheun. Ger baé susurakan. Lumpatna beuki tarik, nepi ka bisa pulang pegih.

"Hutang hiji géndol! Manéh éléh!" ceuk Udi ka balad Hamid. 

Halaman Selanjutnya

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel